LAWUNG


Oleh: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Sastrawan)

“Bulan ngempur kénéh.” ceuk anjeun.

“Enya. Saméméh méga ngarogahala caangna, cuang mangpaatkeun ieu peuting. Apan teu unggal purnama urang bisa tepung.” témbal kuring.

“Pami Akang émut mah, di jalan ieu pisan 27 taun ka tukang abdi wangsul ti puseur dayeuh, huhujanan bari kabulusan. Akang nyampeurkeun nawisan nganteurkeun, clak abdi naék. Akang ngaboséh béca sumanget pisan. Héhé..”

“Enya. Mangsa munggaran tepung téh harita pan.”

“Harita acan kungsi nganuhunkeun. Ayeuna sakantenan, abdi seja neda pangapunten ogé ngahaturkeun panuhun tina sanéskanten kasaéan Akang. Pangpangna jangji Akang dugi ka ayeuna masih pageuh, masih nyaah ka barudak. Nuhun Kang, abdi wangsul heula.”

Kuring nyaring. Rénghap tarik. Reuwas. Budak dua nu saré gigireun paromanna katempo imut. Tandaning bungah, kuring bisa panggih jeung indungna.***

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *