Oleh: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Sastrawan)
Bu Éma geus asup ka kelas, Kéysa gura-giru muka tasna. Kasampak salambar keretas nilep, gap dicokot. Dibuka handapeun méja. “Kamu kudu apal. Sajauh ti Tasik ka Brebes, tah sajauh kitu cinta Déndi ka kamu téh. Ikan Hiu makan busa, Ailopyu Kéysa!” kitu eusi suratna. Kéysa kerung, melong ka tukang, nyéh Déndi seuri. Keretas dibalikeun, bari kucem Kéysa nulis, tuluy dipapaykeun “Gélo sugan kamu téh Déndi? Susut heula éta lého tah!” balesan Kéysa. Keur dibaca, Yayan ngarebut éta surat, “Hahahaha, uyuhan manéh mah atuh da, salésma ogé mumul ngubaran” ceuk Yayan tarik pisan. “Aéh-aéh salésma waé jadi omong, guru geus di hareup, nangtung siah nu duaan!” Bu Éma nyengor. Kéysa nyéréngéh ka Déndi bari ngacungkeun ramo tengah “Puas!” pokna. “Har kalah saruana geuning, milu nangtung Kéysa!” Bu Éma molotot. Saeusi kelas surak “Heup! Sok narangtung kabéh!” antukna sakabéh murid narangtung. “Bisaan manéh mah” Yayan ngaharéwos ka Déndi.***