SLIDE MANGSA KALARUNG


Oleh: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Sastrawan)

Dina bangbarung, Dalimi nyoréangkeun pelong ka jauhna lénglang pasir nu kasimbutan simpé. Ngan sora nu nguniangkeun kanyeri urang lembur, masih dumalinding sajeroeun atina. Jadi aweuhan. Tengahing pelong, kagambar kénéh, handapeun dapuran awi nu ayeuna ngan kari akarna, seuneu mimiti hurung téh. Kocéak dengék indung bapana nu dicangreud. Seneu ngaléntab awakna. Enya, kajadian tujuh taun ka tukang, basa lemburna didatangan aparat tuluy diduruk. Nu majar urang lembur ngagem aliran kominis. Sapoé saméméh éta kajadian, urang lembur ngalaksanakeun rajaban malah bari jeung meuncit sapi sagala.***

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *