SESA WAKTU


Oleh: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Sastrawan)

“Lis, bisi Akang teu balik deui sing iklas nya. Mihapé barudak.” Pokna teges, Lilis nu diuk na korsi ngan unggeuk. Cetrék, musik latar pajoangan tina salon tip. Tét térétét tétét! Nu maké baju loréng, sapatu kulit jangkung, nyorén bedil mimis, ngahormat ka Lilis tuluy nyorowok “Merdékaaaa!” lalaki tengah tuwuh éta lumpat ka rohang tengah. Rerencepan, bedil pindah kana tangkeupan, musik baganti latar tegang “Dérédéd duarrr, modar siah binasa!” ceuk manéhna tarik pisan. Nu di tepas noong, gék diuk deui, ngaputan deui, nyéh seuri bari gogodeug. Ngayuh ka soré, Lilis diuk dina bangbarung, matana nu wening neuteup layung “Alhamdulillah dikersakeun salamet Lis” gék di gigireunna, “Sok sing merdéka Pa, tah cai entéh leueut heula meungpeung masih haneut..” témbal Lilis. Maranéhna neuteup lukisan Gusti di langit kulon. Anteng pisan. Panonpoé surup, Lilis dikaléng asup ka imah. Bedil ditinggalkeun.***

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *