Oleh: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Sastrawan)
Lain Ayu Ting-ting atawa Anya Geraldine, éstuning ngan aya hiji wanoja geulis keureutan kitu. Manéhna. Saban kuring kaluar ti masjid teu weléh malédogkeun imut, najan bari pakupis laladang ogé. “Pecakan atuh” ceuk Si Taryat. Jiga nu énténg, ngan keur kuring mah lain lalawora ngadeukeutan budak Mama Hadi, ajengan kajojo urang lembur nu mun ceramah téh hirup nu lamokot dosa siga kieu asa kasalametkeun ku perkara nu ditepikeunna. Hiji poé diulem salametan ku kulawarga Mama Hadi, kasempetan gedé, cekéng. Rada telat datang téh, gék lebah lawang panto. “Atuh mugia waé ieu pun anak hiji-hijina anu baris ditikahkeun téh aya dina kaséhatan, kasalametan.” Pok Mama Hadi. Tah ti harita kuring jadi horéam ka masjid téh.***